Senin, 21 November 2011

contoh laporan lalampahan


            Laporan lalampahan wisata
                                           Situ Panjalu
      Waktu kuring keur smp kuring jeung kulawarga arindit arulin ka situ panjalu anu aya di ciamis sadatangna kadinya kuring  jeung kulawarga ningali situ panjalu anu endah, anu di sakurilingna loba tatangkalan ngajalejer dina tatangkalan eta loba kalong ting garantung dina dahan-dahan na.ceuk batur mah mun urang ningali kalong didinya teu kenging di sebut kalong. Pamali ceunah!!!
Salian ti eta di tengah-tengah situ aya makam anu di kurilingan ku tatangkalan anu ngarambat anu umurna geus mang taun-taun saha bae anu bade kadinya kudu numpak heula parahu, ongkosna Rp.2500 saurangna.kuring ge jeung kulawarga ngan ngurilingan wae bari jeung ningali kaendahan alam anu aya didinya. Salain ti eta kuring jeung kulawarga tumanya ka tukang parahu anu nganterkeun kuring jeung kulawarga kukurilingan. Mang kumaha asal usul na situ panjalu?, tukang parahu ngajawab “ ceuk sajarah mah situ panjalu teh mangrupakeun paninggalan karajaan baheula,karajaan panjalu teh ngabogaan musuh nyaeta karajaan sumedang nepi ka ayena panjalu  jeung  sumedang  terus pamusuh-musuh”. Anu matak lamun aya urang sumedang  anu ulin ka eta situ urang sumedang  eta bakalan cilaka kitu deui  jeung urang panjalu na. Saengges kukurilingan aya nu pikabedaeun dulur kuring nya eta si irma ceurik sieunen tumpak parahu kekeh alimen da sieun ti telem ceunah. urang  karunya ka si irma da ceurik wae teu eren-eren  kuring jeung kulawarga kalang aruih.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar